Ieu kaca geus divalidasi
87
-
dangdan, tandoe djoli djolang gr?bong, powe isoek kawoela djeung njai mijang.
- Pra ponggawa sami ngawalon ka ratoe, pangestoe gamparan, geus pada sadija kabeh, tandoe djoli djeung gr?bong ngan kantoen dj?ngkar.
- Abdi-abdi anoe baris njoehoen nanggoeng, geus koempoel sadaja, koeda gadjah koempoel kabeh, di plaboewan kapal ?nggeus didangdanan.
- Katjatoerkeun isoekna dj?ngkar sang praboe, radja nitih koeda, prameswari dina gr?bong, ngaleut ngeungkeuj ng?mbat-ng?mbat njatang pinang.
- Anoe ngiring bral ngabantaj broel ngagimboeng, prabot karadja?n, oepatjara djeung montereng, goelang-goelang anoe maranggoel bandrangan.
- Ka?nginan oemboel-oemboelna m?l?ngkoeng, ng?rab banderana, lawe rontekna ngaderes, kangdj?ng radja nitih koeda dawoek ligar.
- Koeda njirig narimbang tabeuhna ngoengkoeng, koeda mamandapan, narimbang sora tarompel, r?ngkak-r?ngkak tindakna matak kasmaran.
- Di poengkoereun aja deui, rahaden d?mang Oerawan, koeda dawoek k?mbang kaso, ngag?m kasenapatijan, siga Sindoekalangan, koeda tjongklang manggoet-manggoet, narimbang sora gam?lan.
- Katema koe para mantri, satrija para ponggawa, koedana pahade-hade, Djanggala koedana djangdjan, Djanggali koeda napas, koeda djogdjrog angkag-oengkoeg, dipeupeuh ?nte-?ntejan.
- Matak wa?s noe ningali, ninggal aleutan noe angkat,
百度 同时,他还积极走访联系当地有关部门,争取地方党政对高铁治安工作的关心和支持,深入开展爱车护路宣传,发动沿线村民自觉参与高铁治安群防群治。
A S M A R A N D A N A.