Ieu kaca geus divalidasi
77
- Satrija para boepati, sadaja sami ngistrenan, jen poetri anoe dj?n?ng teh, dj?doer marj?m g?r gam?lan, tanda djoem?n?ng radja, sadaja geus pada moendjoeng, mantri sarta koelawarga.
- Ladj?ng kangdj?ng radja istri, sanggeus antara sak?dap, seseren deui kaprabon, ngad?g njelehkeun makoeta, ka raka sar?ng hormat, sarta radja istri njaoer, he sakabeh pra ponggawa.
- Моеga kabeh pada njaksi, koewoela seleh nagara, karadja?n Тj?mpa kabeh, ka ijeu kakang pangeran, djoem?n?ng radja Тj?mpa, saha-saha noe teu taloek, koela pimoesoeheu?ana.
- Kоеla djadi prameswari, koemawoela ka sang radja, para ponggawa ngawalon, sadaja sami ngistrenan, pangeran adipatina, noe ladj?ng djoem?n?ng ratoe, sang poetri prameswarina.
- Маrij?m diseungeut deui, baroeng djeung sora gam?lan, tanda seseleh kaprabon, d?mang rangga kandoeroewan, toem?nggoeng pra najaka, sadaja geus pada moendjoeng, sarta pada soeka-boengah.
- Kаdaharan ?nggeus bidjil, rame pra ponggawa dahar, pada soeka boengah kabeh, geus kitoe sang radia dj?ngkar, moelih ka dj?ro poera, dipadj?ngan herang-hoeroeng, pajoeng doewa ngandan-ngandan.
- Ditilik ti gigir I?nggik, ditinggal titoekang l?ndjang, noe geulis reudjeung noe kasep, kawas Ragawa djeung Sinta, sijang oepadjarana, di poengkoer istri ngagimboeng, noe ngampil epok kantjana.
- Sowang entog sawoeng galing, sakabeh kantjana moelja, eta tjirining kaprabon, sakabeh noe ngadeuheusan, geus moendoer sewang-sewang, dajeuh Тj?mpa tambah g?moeh, rame moerah sandang pangan.
- Аnoe tani soegih moekti, anoe dagang beurat beunghar, para mantri soeka kabeh, radja kalangkoeng toweksa, toelaten ka wilajat, soeka doekana kaoeroes, sarta bagdja tjilakana.