Ieu kaca geus divalidasi
64
-
tépoengdi parahoe, djadi wawoeh loma pisan, goelèt roekёt sapapait samamanis, sabagdja satjilaka.
- Kоеring djadi pangeran dipati, ijeu djadi ki d?mang Оerawan, didjadikeun loerah gandek, t?g?s bela toemoetoer, kawas doeloer asal sabibit, pas?dja?n kang poetra, moen loeloes rahajoe, kang poetra mangkoenagara, ki Oerawan mangke didj?n?ngkeun patih, marentah pra ponggawa.
- Sanggeus tamat praboe anom noelis, dilelerkeun ka d?mang Oerawan, sarta doewit djeung pangango, ?nggeus dongkap ka waktoe, toeloej mijang Daheng Bramani, rewangna ki Djanggala, indit soeboeh-soeboeh, sig?gkeun noe karek mijang, katjatoerkeun di Sokadana ki patih, sadj?ngkarna poetrana.
- Raden patih hanteu pisan lali, beurang peuting taja nое katjipta, ngan eling ka poetra bae, ki Pandji L?mboewoeloeng, n?da-n?dana raden patih, ka noe moerba wisesa, moega Pandji Woeloeng, salam?t manggih daradiat, katjatoerkeun sadj?ngkarna raden Pandji, patih kagoengan poetra.
- Каb?n?ran poetrana lalaki, dingaranan ki Рandji Pam?kas, moerangkalih kasep koneng, kalangkoeng matak loetjoe, toeloej гadja Dewakeswari, tjalik ka kapatihan, karsana sang ratoe, ngalajad ka noe poetraān, barang soemping moerangkalih katingali, kajoengjoen manah radja.
- Тoeloej bae sangradja ngalahir, ka ki patih eta boedak teja, ajeuna dipenta bae, koe kakang rek dikoekoet, soegan par?ng djeung titis-toelis, mangke ngaganti kakang, rehna kakang loepoet, gaboeg hanteu boga anak, raden patih nj?mbah ngawalon ka goesti, koering ngan darma anak.
- Kabeh-kabeh hanteu langkoeng goesti, nadjan koering kagoengan gamparan, toeloej radja mangkon orok, ditimang dipapangkoe, radja moelih djeung moerangkalih, katjatoer lila-lila, moerangkalih moeloes, sang radja langkoeng asihna, hanteu karsa pisah ti bеurang ti peuting, sarta nj?boetna rama.