Ieu kaca geus divalidasi
61
- Sili towel djeung batoerna, nanggeuj gado bari ngapi, neuleu kalangkang sorangan, dina eunteung eukeur ngopi, sili tjiwit djeung seuri, towal-towel toendjak-toendjoek, Praboe anom ngandika, bageja aki djeung nini, b?rkah aki koela aja oge bagdja.
- Аki reudjeung nini nj?mbah, didjoengdjoeng pisan koe aki, moegi salira gamparan, montong eling kana moelih, t?t?р nja dipigoesti, di Тj?mpa djoem?n?ng ratoe, kabeh para ponggawa, soemawo?a abdi-abdi, sami soeka diratoewan koe gamparan.
- Praboe anom ngawalonan, koela ge hanteu rek balik, lamoen t?t?p dipimanah, koe kangdjeng rama narpati, matoer ki djoeroe tani, soekoer goesti lamoen kitoe, m?nggah rama gamparan, tangtoe mimanah teh teuing, wantoe-wantoe teu kagoengan deui poetra.
- Тоеloej Paraboe anom njandak, panganggo sarawoeh doewit, maparin ki pang?bonan, atoheun aki djeung nini, пgan meunang doewa peuting, geus kitoe pamitan moendoer, aki nini saroeka, boga keur ngaitkeun pikir, djoeroe tani ngawoelana torodjogan.
- Раngeran Dewakoesoemah, oenggal-oenggal s?nen k?mis, mag?laran koekoempoelan, djeung kabeh ponggawa mantri, mir?mpag hal prakawis, moetoeskeun noe padoe-padoe, langkoeng k?rtaning djaman, taja rampog arang paling, Praboe s?роеh ka mantoe woewoeh asihna.
- Praboe anom ras kelingan, k?r basana moerang kalih, ras ka iboe ras ka rama, njoeroeloek tjisotja bidjil, kaget poetri ningali, jen raka nangis njoeroeloek, poetri naros ka raka, koe naon kakang teh nangis, diwalonan ing?t ka djaman baheula.
- Ras ka iboe ras ka rama, kakang geus lawas teh teuing, nja ninggalkeun imah tangga, ajeuna kakang geus moekti, tina lantaran njai, dis?mbah diagoeng-agoeng, ari iboe djeung rama, di Sokadana prihatin, sarta m?d?ng kakang hanteu meunang bedja.