Ieu kaca geus divalidasi
59
-
djeung badak, hama pakaja noe leutik, k?k?bonan hoemah tipar diraroeksak.
- Меjong adjag djeung boehaja, eta djadi hama deui, ka ingon-ingon manoesa, malah ka djalma ge wani, noe matak ratoe wadjib, noemр?s boehaja djeung maoeng, oeseupan garogolan, soepaja datang ka basmi, oelah aja haroengan noe tjotjo?wan.
- Reudjeung deui poma kakang, njijeun djalan wara-wiri, noe t?roes ka dajeuh lijan, ?keur djalma wara-wiri, sili kiriman ridjki, sarta djaga oelah roesoeh, paling rampog djeung begal, soepaja santosa abdi, oelah aja haroengan noe dadagangan.
- Lamoen djalan reja begal, reja rampoeg reja paling, sasat hanteu aja djalan, noe ngaliwat hanteu wani, djeung oenggal-oenggal tjai, djijeun sasak anoe patoet, lamoen l?ga wahangan, eretan atawa rakit, soepajana teu soesah nое lalar liwat.
- Рatih Gilingw?si nj?mbah, noehoen sapangwoeroek goesti, s?dja dilampahkeun pisan, mowal aja anoe kari, Praboe anom ngalahir, soekoer kakang lamoen kitoe, tatapi masing jatna, njanahan napsoe pribadi, reja-reja gogoda nое djadi menak.
- Тina moerba kawasana, taja noe ngoengkoelan deui, reja anoe djadi menak, asal asih hade boedi, ari geus djadi goesti, bidjil adat ngoembar napsoe, raosna katj?m?kan, loembak-limboek reja doewit, koe dj?l?ma dis?mbah koe sadjadjagat.
- Kitoe marga lantara?a, anoe matak gantjang lali, tapi teu sagala radja, anoe babarijan lali, ari noe lantip boedi, bеuki lila djadi ratoe, bеuki sae manahna, ngalampahkeun hoekoem adil, abdi-abdi sadaja diangkeun poetra.
- Рan?da koela ka kakang, poma-poma oelah lali, oelah noeroet ka noe salah, nja niroe ka noe aradil, soepaja awet moekti, loeloes djadi wakil ratoe, djeung koela n?da ma?p, reh njanggakeun t?mah-wadi, pirang-pirang moegi kakang masing rila.
- Noe matak ngahatoeranan, sijeun kakang hanteu adil, kawoela noe kat?mpoehan, miloe ngantjaja koering, sababna