Ieu kaca geus divalidasi
48
- Тага пgagoegoe pitoetoer, ajeuna n?рi ka djangdji, meunang hoekoem dorakana, koering langkoeng soeka ati, ijeu poen mantri Soedarma, eta mantri lantip boedi.
- Еta sadajana kitoe, hatoer mantri Gilingw?si, pada ngagorengkeun radja, mihade Soedarma mantri, ngandika Dewakoesoemah, ka ponggawa Gilingw?si.
- Еta lampah radja kitoe, naha mana hanteu tadi, diloengsoer dj?n?ngna radja, lamoen geus telela d?ngki, ajeuna mah kadongdora, dina waktoe eleh djoerit.
- Рonggawana pada matoer, tina kabodowan koering, soegan teh radja kawasa, sakti manggoelang-manggoeling, mowal teurak koe pakarang, poerwa taja anoe wani.
- Sang Dewakoesoemah njaoer, he ponggawa Gilingw?si, doemeh geus teu boga radja, koemaha nja tineung pikir, kami menta sawaktjana, anoe t?roes reudjeung at?.
- Рага mantri kabeh matoer, djisim koering s?dja ngabdi, koemawoela ka gamparan, tapi manawi katampi, ijeu poen mantri Soedarma, piratoeweun Gilingw?si.
- Раtoet oge djadi ratoe, tina want?r lantip boedi, sarta aja ge toeroenan, boejoet radja Gilingw?si, anoe dj?n?ng ti baheula, kaw?ntarkeun langkoeng ngadil.
- Маlah mandar bae noeroen, sar?ng kadoewa p?rkawis, reh ijeu anoe maehan, ngaleungitkeun ratoe d?ngki, patoet minangka gandjaran, sakitoe pioendjoek koering.
- Praboe anom toeloei njaoer, г?mpoeg kitoe kar?р kami, tatapi ari ajeuna, montong ganjang-gantjang balik, oerang ka nagara heula, pada oerang soeka at?.
- Рага ponggawa ngawangsoel, soemangga abdi ngariring, hanteu s?dja pisan baha, sak?rsa-k?rsana goesti, sadaja mowal dipoengpang, s?dja ngesto lahir batin.
- Sanggeus kitoe pada soedjoed, para mantri Gilingw?si, пjanggakeun tanda ngawoela, soempah bisi gindi pikir, siwah nijat b?lang bajah, koe Praboe anom ditampi.