Ieu kaca geus divalidasi
42
-
bari tjeurik l?wa-l?we, sang Praboe anom s?poeh, pada ?nggeus moelih ka boemi, katjatoer ki Andaka, ti peuting geus ng?ntjoel, minggat sa anak bodjona, s?dja ngoengsi ka nagara Gilingw?si, noe kongas ratoe gagah.
- Katjarita Andaka geus n?pi, ka nagara Gilingw?si teja, reudjeung radjana geus amprok, ki Andaka wawadoel, poerwa koering mar?k ka goesti, s?dja hatoer oeninga, sarehna sang praboe, ratoe di nagara Тj?mpa, geus kagoengan mantoe asalna pangarit, koering langkoeng teu soeka.
- Langkoeng watir ningali sang poetri, anoe geulis meunang koeritjakan, handjakal koe l?nggik koneng, koering langkoeng panoedjoe, ka gamparan toenggal sa bеusi, djeung saroewa hadena, pada asal ratoe, praboe Gilingw?si soeka, еukeur hojong kagoengan pawarang geulis, sarta r?m?n ngalamar.
- Kа nagara Тj?mpa teu ditampi, djadi radja b?ndoena katjida, njaoer barina molotot, si radja Тj?mpa boeroeng, milih-milih njijar noe leuwih, ari toengtoengna meunang, minantoe pananggoeng, kami radja gagah rosa, soegih doenja tapi ngalamar ditampik, si radja koerang adjar.
- Тoeloej radja nimbalan ka patih, maneh geuwat ngoempoelkeun gagaman, boedalkeun isoekan bae, noedjое ар?sing satroe, mowal gagal diboerak-barik, minantoe radja Тj?mра, matana ditiroek, poetrina dibawa poelang, adoeh bijoeng si geulis kadeuleu teuing, moestika pagoelingan.
- Katjatoerkeun isoek geus tarapti, baris boedal koeda rawoeh gadjah, lampahna dig?l?k boe, hajang geura pat?роеng, djeung noe geulis kawanti-wanti, patihna ngatoeranan, goesti oelah roesoeh, sim koering watir koe balad, tjilakana kabawa koe poetri geulis, gamparan kanijaja.
- Раpаitna kabeh pada tampi, mamanisna ngan woengkoel gamparan, toer istri mah reja keneh, lamoen gamparan kitoe, djadi asoep wangsalan sindir, oepama njo? oraj, ngaheureujan