Ieu kaca geus divalidasi
33
-
toeman badarat, geus peuting soemping ka l?mboer, waktoena sareureuh boedak.
- Kaget aki djoeroetani, nini dangdan kadaharan, hanteu lila ?nggeus entep, sor sisihan pamasangan, aki naroskeun warta, djeung deui di mana nimoe, eta poetri geulis pisan.
- Reudjeung deui tadi aki, meunang parentah id?ran, ratoe kasoesahan g?de, poetrana dibawa minggat, koe ki mantri panglima, sorati gadjah sang ratoe, dibawa noenggangan gadjah.
- Saha-saha anoe manggih, atawa meunangkeun inja, didj?n?ngkeun praboe Anom, dileler dajeuh sabeulah, djeung deui poetri teja, dipasihkeun ka noe nimoe, kitoe tjatoer oendang-oendang.
- Ari pangint?n poen aki, soegan ijeu poetri radja, anoe dibawa minggat teh, ngawalon rahaden poetra, nja poegoeh ijeu pisan, malah noe mawa ditiroek, djeung gadjahna dipaehan.
- Matoer deui djoeroetani, lamoen r?mpoeg reudjeung manah, nji poetri sanggakeun tereh, montong rek dilila-lila, karana kangdj?ng radja, wartosna ajeuna ngangloeh, kaedanan koe poetrana.
- Nangis reudjeung Prameswari, hanteu leueut hanteu dahar, rahaden Pandji ngawalon, kaoela soem?dja pisan, njanggakeun ka sangradja, tapi mowal goeroenggoesoeh, ngeureunan tjape sak?dap.
- Kira meunang tiloe peuting, ngandjr?k di dijeu heula?n, di mana geus rada aso, meureun mar?k ka nagara, djeung tatjan t?rang pisan, nagara boemina ratoe, ti dijeu sabraha anggang.
- Ngawalon ki Djoeroe tani, lamoen indit sabraj beurang, sarta lamoen leumpang djongdjon, wantji sareupna ge datang, sig?gkeun raden poetra, djeung poetri aja di l?mboer, kotjapkeun sangratoe Tj?mpa.
- Hanteu eureun-eureun nangis, tina nja?h ka poetrana, Prameswari kitoe keneh, hanteu sare hanteu dahar, taja noe
3 D