Ieu kaca geus divalidasi
29
-
ngan manggih oeroetna bae, rahaden kaloenta-loenta, njorang boeboelak l?ga, geus djaoeh pisan ti l?mboer, raden angkat papanasan.
- Panas poewe m?ntrang-m?ntring, njorang t?gal l?ga pisan, kaina malaka bae, pas?lang djeung tangkal lontar, toeloej raden ningalan, aja kai ngaroenggoenoek, siga-sigana kijara.
- Rahaden njampeurkeun kai, hawaning koe kapanasan, panasna moenggah nereptep, angkat k?bat gagantjangan, rahaden hanteu lila, soemping kana kai ijoeh, handapeun kijara lenang.
- Ti?s sarta barar?sih, kawas noe beunang njapoewan, ladj?ng raden ebog bae, dina handapeun kijara, ni?skeun salirana, hiliwir angin ti kidoel, ti?sna kabina-bina.
- Panon powe wantji lingsir, rahaden toeloej ningalan, laoer-laoer t?beh koelon, beuki deukeut katingalan, t?g?s noe toempak gadjah, gadjah aloes g?de djangkoeng, ngadoewa djeung poetri endah.
- Kaget manah raden Pandji, sarta bingoeng ngamanahan, ijeu teh dj?l?ma naon, ngadoewa djeung poetri endah, di t?gal ng?ntak-ng?ntak, atawa paningal palsoe, ladj?ng raden ngoesap sotja.
- Raden ngawaskeun ningali, djalma toeroen tina gadjah, poetri geulis teh dikaleng, dikalemoh ditjijoeman, dipondong dititimang, dirangkoel sarta dipangkoe, poetri tj?rik d?d?ngekan.
- Rahaden w?las ningali, aja poetri disangsara, koe lalaki hideung goreng, biwir dj?ding hoentoe bodas, sarta tjeulina roebak, boeoek rintit koemis nanggoeng, mata beureum ng?mbang wera.
- Tina watirna ki Pandji, ladj?ng m?ntang gondewana, disipat dihade-hade, b?l?sat djamparing m?sat, m?n?r kana matana, sot nji poetri toeloej moeroe, ka noe keur njandak gondewa.
- Rahaden awas ningali, njingtj?t bari mat?k ladrang, dit?w?k eukeur nolondjong, walikatna t?roes pisan, roeboeh oetah-