Ieu kaca geus divalidasi
120
- Tambah sawah djeung panoekang, gandjaran b?r?sih pikir, n?mahan ka pikir salah, ?nggeus nging?tan teh teuing, bareto ka ki Patih, sanadjan hanteu digoegoe, datang ka di pandjara, lantaran tina mepeling, sapoeloeh djoeng l?gana sawah gandjaran.
- Ngan eta Andakasoera, noe koedoe dihoekoem pati, ratoe teu w?nang ngampoera, wadjib ngahoekoemkeun adil, sabab dosana leuwih, mawa tiwas sal?l?mboer, djalma paeh rewoean, lantaran maneh pribadi, ki Andaka koetj?m h?nteu ngawalonan.
- Raden Patih dongkol nj?mbah, nganoehoenkeun sihing Goesti, paparin langkoeng kat?da, njanggakeun soempah ka Goesti, lamoen kasorang deui, moegi dipondokeun oemoer, hiroep oelah djamoega, sang Praboe njaoer njakseni, moega-moega dit?t?pken kahadean.
- Ngabehi Martadigoena, nj?mbah oendjoekan ka Goesti, pasihan langkoeng kat?da, koe simkoering lahir batin, sar?ng moegi simkoering, ngawoela satoetoep oemoer, kitoe deui gamparan, langg?ng moekti njakrawati, ka pajoena oelah m?ndak ew?d manah.
- Ladj?ng ki Andakasoera, dikoedoengan lawon poetih, dibawa ka panggantoengan, dirijoeng koe toembak b?dil, raden Patih ngalahir, Andaka tampa panaoer, ijeu adiling radja, pamal?s lampah noe djoelig, pek digantoeng ki Andaka geus paragat.
- Toeloej diteukteuk beuheungna. dipandj?r dina paranti, t?ngah djalan parapatan, adat paranti sasari, soepaja djadi boekti, djalma ngamoesoeh ka ratoe, bedja ?nggeus goernita, kasohor ka mana m?ndi, jen Andaka ?nggeus dipandj?r sirahna.
- Ki koewoe ?nggeus digandjar, roepa panganggo dj?ng doeit, reh nimoekeun ki Andaka, sarta nimoekeun ki Patih, tadi geus aja djangdji, salabar gandjaran ratoe, ajeuna