Ieu kaca geus divalidasi
109
-
jen poen patih gindi pikir, rek mapag p?rang, sim koering geuwat indit.
- Diwalonan koe radja Dewakoesoemah, kakang soekoer teh teuing, aja pitoeloeng mah, ka awak djasad koela, sanadjan koela pribadi, s?dja njar?ngan, ngadoekeun poetjoek k?ris.
- Ladj?ng radja Gilingw?si amit nj?mbah, moendoer rek tata baris, ngeusijan marj?mna, dib?n?rkeun ka darat, djangkarna ?nggeus didjait, ngangs?g ka darat, ditoeroegtoeg koe b?dil.
- Taja tempo mimis kawas hoedjan boewah, oerang Tj?mpa geus miris, rada oendoer toekang, baris mawa ka t?ngah, pradjoerit ti Gilingw?si, ?nggeus harandjat, ngamoekna ngoewak-ngawik.
- Radja Gilingw?si sabanteng bajangan, salira mandi g?tih, sang Dewakoesoema, sabaladna geus handjat, ki d?mang Oerawan singkil, mat?k badina, djeung sakabeh pradjoerit.
- Rame tjampoeh sili t?w?k sili toembak, sili tjabok tampiling, aja noe sili doepak, sili pingg?skeun iga, aja anoe sili b?dil, powek haseupna, taja noe nj?boet adjrih.
- Rame sora pakarang pating kar?plak, djeung sora anoe tjeurik, bangke pagoletak, soesoen patoempang-toempang, geus kawas babadan patjing, pating soelajah, Dewasakti ngab?tjir.
- Ki Andaka loempat ninggalkeun gagaman, mitjeun parabot djoerit, njalin papakejan, make parabot goendal, s?rwal pokek badjoe r?big, moeboes ka hoema, manggih ?nggon noe boeni.
- Balad Tj?mpa sanggeus maboer ki Andaka, tobat njanggakeun diri, ngahoeroen pakarang, praboe Dewakoesoemah, manahna ng?n?s ningali, toeloej nimbalan, ka radja Gilingw?si.
- Kakang praboe itoe kabeh balad Tj?mpa, ponggawa para mantri, geura bere p?rnah, oelah dikanijaja, maha radja Gilingw?si, hatoer soemangga, noehoen sadawoeh goesti.